Postingan

Menampilkan postingan dari September, 2024

Romantika Si Anak Haram : Adipati Karna

Ya wis kena dihin pinasti mapag baya kena lara, tumungkul... " Ibu, tega Anjeun... Yakin kaula teh hasil hubungan gelap antara Indung kula jeung Bapa kaula. Selenting bawaning angin, kolepat bawaning kilat, yen kaula teh ceunah budak panimu ti walungan, Diurus ti leuleutik dugi ka gede kieu na ku kusir Raja Nagara Astina. Bu...  Ti leuleutik kaula teh di Karaton Nagara Astina. Sok dibabawa ku Bapa nu ngukut kaula, Dugi ka ngahiji na jeung Pandawa, jeung Kurawa. Disepak ditajong jeung sajabana.  Boh ku Pandawa, boh ku Kurawa. Tapi aya nu nya'ah ka kaula sok ngusapan jeung mere keur jajan.  Kakasih na Ibu Kunti. Lamun geus bongoh ti sarerea, kaula teh sok diusapan embun - embunan. Sing sabar, sing tawakal... Ibu...  Boa salira Indung kaula teh... Naha ku tega anjeun Ibu Tapi parendene kitu Ibu Kaula salaku Putra tetep ngado'akeun ka Ibu Muga Ibu kengeng panghampura Gusti... Keun kaula anu lara jeung tunggara na mah... Nu Maha Agung, Nu Kagungan abdi - abdi sadaya Pang ...