Romantika Si Anak Haram : Adipati Karna

Ya wis kena dihin pinasti mapag baya kena lara, tumungkul...


" Ibu, tega Anjeun...

Yakin kaula teh hasil hubungan gelap antara Indung kula jeung Bapa kaula.

Selenting bawaning angin, kolepat bawaning kilat, yen kaula teh ceunah budak panimu ti walungan,

Diurus ti leuleutik dugi ka gede kieu na ku kusir Raja Nagara Astina.


Bu... Ti leuleutik kaula teh di Karaton Nagara Astina.

Sok dibabawa ku Bapa nu ngukut kaula,

Dugi ka ngahiji na jeung Pandawa, jeung Kurawa.

Disepak ditajong jeung sajabana. Boh ku Pandawa, boh ku Kurawa.

Tapi aya nu nya'ah ka kaula sok ngusapan jeung mere keur jajan. Kakasih na Ibu Kunti.

Lamun geus bongoh ti sarerea, kaula teh sok diusapan embun - embunan.

Sing sabar, sing tawakal...


Ibu... Boa salira Indung kaula teh...

Naha ku tega anjeun Ibu

Tapi parendene kitu Ibu

Kaula salaku Putra tetep ngado'akeun ka Ibu

Muga Ibu kengeng panghampura Gusti...

Keun kaula anu lara jeung tunggara na mah...


Nu Maha Agung, Nu Kagungan abdi - abdi sadaya

Pang buka keun lawang, pikeun kahuripan jeung hirup kaula.

Kedah kumaha kaula...

Tapi teu hayang dendam kanu jadi Indung jeung Bapa kaula...

Kaula dilahirkeun ka dunya teh kieu da lalakon Bu...


Gusti Nu Maha Agung...

Muga - muga Kanjeung Ibu jeung Kanjeung Rama kengeng panghampura,

Upama na leureus kaula hasil hubungan gelap...

Upami parantos teu aya Kanjeung Ibu jeung Kanjeung Rama,

Ayeuna aya di alam barzah, muga dihapunteun dosa na,

Ditempatkeun di tempat anu nikmat Mungguh Allah

Mungguh Gusti Nu Kagungan abdi - abdi sadaya...


Sawios Bu...

Sawios putra nu nandangan lara

Sawios putra nu nandangan tunggara

Pikeun nebus kalepatan Ibu... "

Komentar

Postingan populer dari blog ini

Aku Mencintai Malam?

PROFANE

Lima April Doea Riboe Sembilan Belas