Hirup Jeung Hirup
Batara ngaruntagkeun dunya
Jagjag panangguh tanggah jawara
Sagulung sagalang kaduruk nista
Cadas baralak payung layung
Ruhak balatak gempar koceak
Raheut kacacag beureum amarah
Ruksak cacad racak kuracak
Rurumpah luyung tarumpah
Burih ngabudah geutih
Amis rancumit kabeulit pait
Hirup jeung hurip tinggal tatapak
Ngabugang ngan jadi mayit
Jagjag panangguh tanggah jawara
Sagulung sagalang kaduruk nista
Cadas baralak payung layung
Ruhak balatak gempar koceak
Raheut kacacag beureum amarah
Ruksak cacad racak kuracak
Rurumpah luyung tarumpah
Burih ngabudah geutih
Amis rancumit kabeulit pait
Hirup jeung hurip tinggal tatapak
Ngabugang ngan jadi mayit
Komentar
Posting Komentar